Thursday, November 10, 2016

Basa Sunda : PANATA ACARA TEPANG TAUN





Assalamu’alaikum wr.wb.


     Wilujeung sumping kasadayana, hatur nuhun anu parantos dongkap ngaluangkeun waktosna ka iyeu acara.
Sateuacanna hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti anu maha Gofur, Allah SWT, anu tos dipasihan ni’mat iman sinareng Islam kaurang sadaya, ku karidoan Allah SWT urang tiasa kempel di iyeu tempat.
Shalawat sareng salam mugia tetep ngocor ka jungjunan alam Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sohabatna,tug ka urangsadaya salaku umatna nepi ka akhir jaman, Amin ya Allah ya rabbal alamin.

     Nepangkeun nami simkuring Fasya, abdi didieu bade ngadugikeun susunan acara ayeuna, nyaeta acara tepang taunna M.Rama anu ka 17 taun, susunan acarana nyaeta diantarana bae aya :


  1. Bubuka ti Panata Acara
  2. Lantunan ayat suci Al-Qur’an ku saderek Aditya Zulfikar
  3. Pangbagea ti Bapa M.Rama
  4. Pangbagea ti perwakilan rerencangan
  5. Nyanyikeun lagu tepang taun ku sadayana
  6. Niup lilin, motong kue sareng masihan kado
  7. Panutup


     Sakitu wae susunan acara tepang taun ayeuna, sateuacan urang ka acara salajeungna, hayu urang sami sami buka acara iyeu ku baca Basmalah, Bismillahirrahmanirrahim..
Hatur nuhun, Hadirin sadaya.
     Ayeuna hayu wae asup ka acara nu dua, nyaeta bacaan lantunan ayat suci Al-Qur’an ku saderek Aditya Zulfikar sareng Shalma Junisa, ka anjeunna dihaturanan kapayun.

[NGAOS AL-QUR’AN JEUNG TERJEMAHANA]


Du’a Tepang Taun Ngamohon Yuswa anu Paos

اَللَّهُمَّ طَوِّلْ عُمُورَنَا وَصَحِّحْ أَجْسَادَنَا وَنَوِّرْ قُلُوْبَنَا وَثَبِّتْ إِيْمَانَنَا وَأَحْسِنْ أَعْمَالَنَا وَوَسِّعْ أَرْزَقَنَا وَإِلَى الخَيْرِ قَرِّبْنَا وَعَنِ الشَّرِّ اَبْعِدْنَا وَاقْضِ حَوَائِجَنَا فِى الدِّيْنِ وَالدُّنْيَا وَالۤاخِرَةِ إِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَىْءٍ قَدِيْرٌ


     ALLAHUMMA THOWWIL UMUURONA, WA SHOHHIH AJSAADANA, WA NAWWIR QULUUBANA, WA SABBIT IIMAANANAA WA AHSIN A'MAALANAA, WA WASSI' ARZAQONAA, WA ILAL KHOIRI QORRIBNAA WA 'ANISY-SYARRI AB'IDNAA, WAQDHI KHAWAA-IJANA FIDDIINI WADDUNYAA WAL AAKHIRATI INNAKA 'ALAA KULLI SYAI-IN QODIIRUN
Hartina :
“Ya Allah, panjangkeun umur arurang sadaya, sehatkeun jasad arurang sadaya, caangkeun hate arurang sadaya, kuatkeun iman arurang sadaya, aluskeun amalan arurang sadaya, luaskeun rezeki arurang sadaya, deukeutkeun arurang sadaya ka kaalusan sarta jauhkeun arurang sadaya ti kaburukan, kabulkeun sagala kabutuhan arurang sadaya dina agama, dunya, sarta akherat. Saetusna Engkau Maha Kawasa tina sagala hal.”

    Alhamdulillahirabbilalamin, hatur nuhun ka Adit sareng Shalma, urang sadaya tadi parantos ngupingkeun lantunan ayat suci Al-Qur’an, mugia M.Rama dipasihan umur nu panjang, Aminn.
Salajeungna urang asup ka acara nu ka tilu, nyaeta pangbagea ti Bapana M.Rama, ka Bapa Wisnu dihaturanan kapayun.

[PANGBAGEA TI BAPA]


Assalamualikum wr wb
     Abdi salaku bapana ti Ananda Rama seeur ngaharepkeun kaharepna anak abdi tiasa kapake serta kanggo Ananda Rama mugi-mugi tiasa ngahontal cipta-cipta anu di inginkeun, acara tepang taun ieu sanes ngan saukur hiji pesta anu henteu kitu hartina, jadikeun pesta ieu barobah kaayaan hiji momentum kanggo berfikir, sarta ngaronjatkeun mutu diri, ngukir prestasi, dugi anjeun meunangkeun naon anu anjeun hoyong cita-cita keun, rajin diajar, sarta hormat ka kadua orang tua anjeun
Sakian pangbagea ti abdi. Hapunten bilih aya kata-kata nu kurang merenah.
Wassalamuallaikum wr wb

     Hatur nuhun ka Bapa Wisnu, mugia anu diucapkeun ku bapa Wisnu tiasa ka kabulkeun ku Allah SWT, Aminnn.
     Ayeuna urang asup ka acara salajeungna, nyaeta pangbagea ti perwakilan rerencangan M.Rama anu bade di wakilan ku Fajrul, ka saderek Fajrul dihaturanan kapayun, keprok heula atuh keprok.

[PANGBAGEA TI PERWAKILAN RERENCANGAN]


     Hatur nuhun ka Fajrul, ayeuna urang sadaya tos asup ka acara puncak, nyaeta niup lilin, motong kue sareng nyanyikeun lagu tepang taun, ka sadayana tiasa nangtung jeung nyanyikeun lagu tepang taun.

[NIUP LILIN, MOTONG KUE SARENG NYANYIKEUN LAGU TEPANG TAUN]

WILUJEUNG TEPANG TAUN, URANG UCAPKEUN
WILUJEUNG TEPANG TAUN, URANG NGADU’A KEUN
WILUJEUNG TEPANG TAUN, JAGJAG SENTOSA
WILUJEUNG TEPANG TAUN, JEUNG BAHAGIA
TIUP LILINNA, TIUP LILINNA, TIUP LILINNA AYEUNA OGE
AYEUNA OGE, AYEUNA OGE
POTONG KUEHNA, POTONG KUEHNA, POTONG KUEHNA AYEUNA OGE
AYEUNA OGE, AYEUNA OGE

     Alhamdulillah, hatur nuhun ka sadayana, mugia dina umur anu ka 17na, M.Rama tiasa hormat jeung tiasa nurut ka Ibu ramana, jadi budak anu sholeh, seeur rezekina sareng naon anu dipikahoyong ku M.Rama tiasa kakabulkeun ku Allah SWT, Amin ya allah ya rabbal alamin.
     Alhamdulillah ayeuna atos nepi ka akhir acara, hatur nuhun kasadayana anu parantos masihan waktosna supados tiasa kempel di iyeu tempat, hatur nuhun ka Bapa wisnu, ka para panitia, jeung sadayana, sateuacanna hayu urang tutup acara tepang taun iyeu ku bacaan hamdalah, Alhamdulillahirabbilalamin.. abdi Fasya salaku Panata Acara undur diri, hapunten bilih aya kalepatan, hatur nuhun wabillahitaufikwalhidayah

Wassalamu’alaikum wr.wb.